Carpon | Nu Miang Jarah

HIRUP mah ulah su’udzon, tapi kudu husnudzon billah. Ulah pesimis, tapi kudu optimis. Ulah lénglé, kudu tangginas. Hirup kiwari teu gampang. Pangabutuh hirup ngahuyud minuhan uteuk.

“Jang,  wayahna …” Ema ngagero ka kuring nu anteng ngelapan motor Mio. Milu ngumbah Mio di imah ema. Ari di kontrakan mah keur seuseut cai. Cai PDAM kaluarna ukur sagedé buntut beurit. Kituna teh bari dialantri ku nu séjén.

“ … titip si Jago!”

“Badé ka mana kitu?”

“Pangmarabankeun ingon-ingon. Wayahna cicing didieu heula. Pék wé lamun Mang Endin nyiar endog meri, duitna keur Ujang …”

“Ké .. ké … Ema téh badé ka mana?

“Ema jeung Abah rék jarah ka Mekah …”

Gebeg kuring reuwas.  Kuring ngécagkeun manéh ngelapan motor.  Ngadeukeutan Ema.

“Ka Saudi?” cekéng téh, can percaya kana omongan ema.  Rék teu percaya kumaha, ema jeung abah mah jalma basajan. Hirupna teu weleh susah.  Hirupna ukur tina tatanen sawah sacangkéwok.  Kasakséni pisan. Nu matak  teu percaya kuring mah.

Kuring jeung pamajikan nu duanana gawé, hirup sakieu ripuhna. Hirup teu weléh diudag-udag pangabutuh. Batur mah paribasa téh cukup 7-P “pergi pagi pulang petang penghasilan pas-pasan”, pikeun kuring mah duka sabaraha P deui, “pundak paha pantat pegal, pikiran pening, panon peurih, patuangan pupurilitan,  ….”.

Kiwari kuring gawé di pabrik nu perenahna di jajalaneun ka Ciranjang. Ari pamajikan mah gawena di pabrik sapatu daerah Cimangkok, Gekbrong. Teu handap-handap teuing, kuring boga pancén di bagéan quality control. Tukang ngecék produk. Naha saluyu jeung standar atawa henteu. Lamun henteu, kapaksa barang dipisahkeun moal dijual ka pasar.  Ari pamajikan nyekel koordinator tanggung jawab mingpin  gawé anak buahna.

Karasa ku kuring, sanajan boga gajih bulanan, aya insentif, aya bonus, jeung sarupaning tunjangan itu ieu, panghasilan teu weléh kurang. Bada subuh kudu saged muru ka pagawéan. Beurang saeutik patalimarga macét, balukarna elat ka pagawéan.

Budak kuring dititipkeun ka tatangga. Sanggeus tarapti, biur kuring jeung pamajikan nyemprung muru stamplat Pasirhayam  Di stampat, kuring papisah. Kuring naék beus ka Bandungkeun.  Ari Mio dibawa ku pamajikan.

Palebah narima gajih nu matak nalangsa mah. Gajih pamajikan ngan kari strukna wungkul. Cukang lantaranna mah, pedah geus dipiheulaan basa perelu mayar kontrakan di daerah Joglo.

Gajih kuring sarua geus ompong. Hirup téh hésé pisan istikomah. Diembung-embung gé, sales terus ngolo di unggal tempat. Di mol, di kantor,  ka unggal imah, teu weléh saroméah nanawarkeun produkna. Malah ngajirim jadi koperasi di tempat pagawéan nu haat méré bongbolongan ka sakumna  karyawan bisi perelu mesin cuci, tipi,  parabola, atawa kasur busa sagala aya. Pangirutna, majar téh, meungpeung aya diskon. Lamun teu ngiridit, iraha rék pibogaeun.

Hirup kuring mah untung kénéh. Batur kuring mah, nyokot motor ti delér. Panjerna ku motor heubeul nu manéhna. Motorna dilisingkeun. Basa motorna teu kataur, ku manéhna digadékeun ka tatanggana. Ku tatanggana digadékeun deui ka batur.  Ahirna katurug katutuh, kudu mayar bunga lising, mayar renten gadé, bari motorna teu kapuluk.

Geuning nagara urang gé  boga hutang. Teu salah, mun diturutan ku rahayatna. Ceuk nu rahul mah, Patih Gajah Mada mun kiwari jeneng kénéh, pasti keur papuket naur kiriditan Lamborghini paménta anakna. Nu dipikasalempang mah, ku pangaruh kakawasaan, anjeunna ancrub korupsi pikeun nyumponanana.  Sakali deui untungna, zaman kiriditan teu kaalaman ku sang Patih.

Kuring cangcaya abah jeung ema boga ongkos munggah haji ka Mekah mah. Waragad ti mana? Anu baris ngalélér hadiah ogé pamohalan. Abah jeung Ema tara ilubiung karam-kirim undian.

Kaduana, lain ukur waragad, urusan haji téh teu gampang. Kudu dipoto, daptar ka Depag, muka tabungan haji, dipariksa kasehatan, ari abah jeung ema apal kudu ngurus nu kitu?  Jeung lamun ku ditarimana ogé, ayeuna mah aya waiting list. Moal ujug-ujug bisa miang?

Haté galécok kebek ku panasaran. Lain syukur, hawana bati su’udzon wae.   Ema ahirna ngabejerbéaskeun.

“Geus lima taun Ema jeung Abah rerencepan nabung di bank Syariah. Sok ngajurung Jang Guru wé nu aras-urusna mah. Bongan Ujang mah sibuk pisan,” walon Ema bari ngahearkeun kacang beureum. Aya kana dua kilona. Lumayan iangkeuneun isuk ka pasar. Ari cangkangna dipisahkeun. Ku abah, sok ditutu dihijikeun jeung huut paragi parab meri.

“Na, ema bet percaya ka Si Guru,” cekéng téh rada teugeug.  Asa ku handeueul teu dipercaya ku kolot sorangan. Hayoh nitah Jang Guru.

“Ema emut kasauran Ajengan Mama Haji basa pangaosan di masigit. Lamun boga niat jarah, heg nabung, poma ulah bébéja ka budak. Bébéja mah engké wéh … lamun sajungeun miang,” Ema ngadilak bari mésem.

Abah harita keur di sawah. Sanajan sawah teu lega, Abah rikrik.  Getén melak tutuwuhan di buruan jeung galengan. Cengkeh sok diala terus digaringkeun.  Dangdaunan dipaké lalab atawa angeun. Lamun mucekil, sok dijual. Ngingu ingon-ingon satadina ukur resep, geuning jadi sungapan rejeki.  Mang Endin dua kali  tina saminggu sok ngahaja ngaborong endog meri.  Aya deui balong leutik, nu pinuh ku lauk mujaér. Burayakna tingpucunghul tandaning eusina loba. Di sisina rajeg tangkal génjér jeung kangkung biasa diundeur poé Senén soré pikeun ka pasar.

Abah jeung ema salilana teu kacocéng waragad meuli béas. Da bawon pibéaseun ceuyah di leuit. Keur nyangu, ema tinggal ngahéler ka Ki Ucim. Tampolana tibalik, lain kuring nu barang béré, tapi ema rajeun mahanan béas ka kuring. Ema henteu rudet mikiran gas élpiji anu langka, da maké hawu. Pangpung jeung régang garing diéntép gigireun paranjé, kari metot.

Emh, lamun apal kolot nabung mangjuta-juta, rék ngéclok heula. Hayang teuing ngasaan nganjrek di parumahan siga batur. Kaduana, kamari kang Erus butuh duit, rék ngaluarkeun supra X-na. Katiluna, hayang boga tipi layar datar ngarah tumaninah lalajo sinetron? Kaopatna  pamajikan ngaéh hayang  blackberry. Kalima …

Lamunan kuring kagebah. Rét kana Mio anu tadi dimandian. Beresih tur mulus kawantu apik nu ngarawatna.  Matak ngirut saha waé nu ngimeutan. Rét kana plat nomor, ari gebeg téh,  “STNK Mio isuk béak jaba dua bulan can kataur angsuranana.” Sorodot gubrag …!

 

Oleh Dadan Wahyudin

 

Share ya : )

Menurut kamu?

Email kamu tidak akan disebarkan. Tanda bintang wajib diisi *