Panglesu Kalbu | Kade jeung Kudu

JEJER ieu tulisan kacida pisan saderhanana, ukur dua kecap kade  jeung kudu. Ari anu dimaksud ku kecap kade, nyaeta urang salaku jelema anu didamel ku Alloh jadi mahluk anu pangmulyana, dipaparin iman, sarta hirup kumbuh jeung papada jelema deui oge, pada boga rasa salempang.

Imam Hanafi r.a ngelingan, yen aya tilu sikep jelema anu lamun dipilampah ngabalukarkeun maotna suul khotimah. Anu tilu rupa teh nyaeta: 1. Jelema anu heunteu (embung/ tara) sukuran kana agungna ni’mat paparin ti Alloh mangrupa iman jeung Islam. 2. Jelema anu embung (tara/ teu hayang) mere pitulung ka sasama hirupna. 3. Jelema anu henteu boga rasa salempang pecat iman nalika ahir hirupna.

Tah anu tilu rupa bieu kade ulah dipilampah. Anapon anu kudu dipiboga atawa dipibanda atawa dipimilik mah keur jelema teh aya  genep rupa sikep anu geus jadi budi parangi jelema, nyaeta:

 

  1. Kudu sieun ku Alloh lahir-batin boh dina mangsa nyorangan atawa keur dina karamean bari loba batur.
  2. Kudu nyarita anu bener boh keur dina kaayaan bungah atawa susah.
  3. Kudu tetep istikomah dina ngalaksanakeun ibadah boh dina kaayaan riweuh/ sibuk/ rupek atawa salse/ lonang.
  4. Kudu jujur ka sasama manusa.
  5. Kudu narima kana paparin atawa katangtuan ti Alloh boh miskin atawa beunghar.
  6. Kudu rido ka Alloh boh dina kaayaan susah/ senang, sarta kudu maot dina kaayaan husnul khotimah, yaeta maot tetep dina kaayaan Islam jeung iman ka Alloh.



Hayu urang ihtiaran ku urang kade migawe anu tilu, kudu mibanda anu genep rupa, sabab lamun lain urang atuh saha deui, jeung lamun henteu ti ayeuna atuh rek iraha deui?

Mudah-mudahan urang tebih tina suul khotimah, maotna husnul khotimah.

(Djully, SA)

Share ya : )

Menurut kamu?

Email kamu tidak akan disebarkan. Tanda bintang wajib diisi *